Powered By Blogger

Jumat, 29 Januari 2010

Eupan Panghadena

3 Pemancing dunia pasombong sombong masalah eupanna..
Pemancing 1 : "Eupan urang mah pang alusna sadunya atuh,karek oge clom ka nu cai,langsung nyangut tah laukna!!"
Pemancing 2 : "Alus eupan aing atuh,Eupan aing mah karek oge digeleng-geleng,si lauk teh narolol, "buru atuh,geus teu kuat yeuh hayang nyantok" cenah ceuk laukna!!!"
Pemancing 3 : "Alus nu dewek atuh,dewek rek nguseup poe minggu,poe saptuna lauk dararatang ka imah
lauk : "pa pa,enjing bade nguseup moal pa??""

(dongeng ti Kang Ibing)

Panghideungna sa NEGRO

Pan di negro mah kulit hideung teh jadi kebanggaan pan
Aya 3 budak negro ngobrol pada nyombongkeun bapana
Budak negro 1 : "Bapa urang nu pang hideung na mah!!"
Budak negro 2 : "Nya bapa urang atuh!!"
Budak negro 3 : "Keheula...Bapa urang nu panghideung na mah atuh!!"
Budak negro 1 : "Bapa urang mah lain bohong euy,basa keur maen bola katemprang,sukuna potong,katingali ku urang tulangna HIDEUNG!!"
Budak negro 2 : "Alus bapa urang atuh,basa kacugak,getih ngocor,HIDEUNG tah getih!!"
Budak negro 3 : "Moal kuat jeung bapa urang mah,basa keur urang nonton TV jeung bapa urang,tuluy bapa urang hitut,POEK langsung!!!"
Bakating ku hideung hideung na,hitut na ge poek!!

Tukang Celup Baju

Aya bangsat eta mah maling ka imah loteng,ari pas di loteng si bangsatna teh labuh tikosewad tina kusen, da kusenna bobo,jadi weh bangsatna labuh.Paeh weh eta bangsat labuh ti loteng...
Si keluarga bangsat teu rido eta bangsat paeh cenah...
Ibu Bangsat : "Tidak rido anak saya meninggal"
Akhirna urusan eta dibelewerkeun ka pengadilan. Ceuk hakim : "Nu boga imah eta kudu digantung,supaya sarua paeh"
Nu boga imah : "Tong nyalahkeun abdi da nu salah mah tukang kai,gawe na teu baleg..jadi weh jelema tikosewad..."
"maneh kudu digantung" cenah ceuk hakim ka tukang kai
Tulang kai : "Eit tong nyalahkeun ka abdi,tuh salahkeun mah awewe tatangga nu bajuna oraye,ceuk saya kudu hejo,naha make oranye..."
"maneh kudu digantung" cenah ceuk hakim ka awewe eta
Awewe : "keheula tong nyalahkeun ka abdi, da nu salah mah tukang celup baju, pan ceuk abdi hayang hejo,naha dicelupna oranye??"
"maneh kudu digantung" cenah ceuk hakim ka tukang celup
Tukang celup ngabantah kaditu kadieu, euweuh alesan, kapaksa kudu digantung
Pas digantung, algojo na teh belegug...ari tihang gantunganna pendek,tapi tukang celupna jangkung. Atuh teu paeh paeh da logor...
Hakim : "Kumaha, nggeus digantung teh??" ceuk hakimna nanya ka algojo
Algojo : "Hese pa ah,tukang celup na jangkung teuing!!"
Hakim : "Naha ari maneh bodo bodo teuing!!Neangan tukang celup anu pendek we atuh!!"
Si algojo langsung neangan tukan celup anu pendek.Pas manggihan,tukang celup na keur nyelup baju. "Maneh kudu digantung siah!!" cenah ceuk algojo
Tukang celup pendek : "Naon salah abdi??"
Algojo+Hakim :"PENDEEEEEEEK siah"

(Dongeng ti Kang Ibing)

Selasa, 05 Januari 2010

BERSAING

Aya 3 jalma, Robin Hood (Pemanah), Cowboy (Penembak yang hebat), Kanta (Orang sunda). Maranehannana nyombongkeun pangabisana.
“Urang mah bisa manah bulan!” ceuk Robin. “wah mustahil!” ceuk cowboy jeung ceuk si Kanta. Pas di luncurkeun anak panahna tina busurna, memang jauuuuh pisan ngaluncurna teh, tapi teu nepi ngan 30 Km deui geus murag deui ka handap. “Wah naon geuning teu nepi” ceuk si Kanta. “Wajar weh 30 Km deui mah da urang teh jelema biasa” tembal si Robin.
“Urang bisa nembak pas kanu sasaran, sok simpen apel anu jauhna 3 Km ti dieu” ceuk si Cowboy teh. Disimpen weh caritana mah apel anu jauhna 3 Km tea. Pas ditembak, tembakan si Cowboy meleset 3 meter ti apel. “Nya ieu oge geus bohong deui meleset 3 meter!” ceuk si Kanta bari ngahina. “Cing ari maneh bisa naon!!!” ceuk si Robin jeung si Cowboy. Si Kanta mikir “aing bisa naon nya. Sakola oge teu lulus SD SD acan!” si Kanta ngomong na jero hate.
Lila kalilaan si Kanta boga akal. “Weuy urang mah bisa modol, tapi kaluarna tina manuk urang!” ceuk si Kanta. “Wah bohong siah, moal mungkin bisa modol dina nu kitu” ceuk si Robin jeung ceuk si Cowboy bareng. Si Kanta langsung modol, di tarempokeun weh ku duaan eta pas si Kanta modol teh da hayang ngabuktikeun. “Wah geuning didinya-didinya keneh weh angger” ceuk duaan eta teh. “Nya wajar weh beda 3cm wae mah atuh da jelema” tembal si Kanta bari kalem da meunang kontes.

3 PETUALANG

Aya 3 jalma anu nalangsa hese hirup lantaran ekonomi. Ngaranna Joni, Darman, jeung Jeri. Maranehanana jadi nalangsa kulantaran maranehanana tukang mabok, maen awewe, jeung tukang ngaroko. Kulantaran bareak duitna, maranehanana geus niat ngajauhan pangabeukina eta. Kukituna maranehannana ngarasa jenuh, tuluy ngarencanakeun rek Hiking (naek gunung). Maranehannana indit ka gunung Bakekok anu teu jauh ti pangcicingan maranehanana. Maranehannana indit ti imahna jam 7 isuk-isuk.
Teu poho maranehannana mawa bekel keur di tengah jalan, keur botram cenah. Maranehanana geus nepi di tengah jalan, tuluy maranehannana murak bekel maranehanana anu dibawa ti imah.
Beak weh caritana mah bekel maranehanana, nepi ka botol cai jeung alasna oge bareak didalaharan ku maranehanana. Pas lila kalilaan, meureun panon poe asa deukeut, pokona mah asa tutung kulit maranehanana teh. Maranehanana hauuuuus pisan. Si Joni manggih botol cai, kacida barungahna maranhanana teh, meni asa di tonjok congcot. Pas dibuka!!! Kaluar Jin tina botol eta, maranehanana rareuwas pisan ku kaluarna si Jin eta.
Bang Jin : Aing Bang Jin tunduh keneh, gosok eta botol, urang hayang asup deui pokona mah, maraneh geus ngahudangkeun urang bel!
Joni : Sok lah ku urang digosok eta botol, tapi aya saratna!
Bang Jin : Naon saratna?
Joni : Bang Jin kudu nyumponan 3 pamenta ti kami!
Bang Jin : Sok lah hiji ewang mentana, sebutkeun!
Joni : Urang mah hayang minuman keras, hayang abok deui lah, geus kangen euy, geus lila teu abok!
Darman : Pan maneh teh geus tobat bebel, naha erek dei sia teh! Tapi ketang urang hayang awewe cing loba Bang Jin ah, geus lila euy teu panggih jeung awewe!
Jeri : Maneh mah Darman ka batur weh geus tobat-geus tobat, ari manehannana maksiat. Ah urang mah Bang Jin embung maksiat asal aya roko weh cing loba di gudang urang.
Bang Jin : Heug jang ku urang dicumponan pamenta maraneh, tapi ngan saukur 20 taun heuh! Sanggeus 20 taun maraneh kudu kadarieu, kudu ngagosok botol ieu deui OK urang tunduh keneh.
Kusabab pamenta maranehannana heus dicumponan, maranehannana tuluy balik ka imahna masing-masing, tapi maranehannana ayeuna mah gararesit. Ari indit 3 Jam, pas balik 1 jam oge hanteu! Da gugulitikan ti gunung nepi ka sawah!
20 taun geus di jalanan ku maranehannana. Kondisi Si Joni eta mah Over Dosis, maot weh. Tinggal 2-an, nyaeta Si Darman jeung si Jeri. Kondisi si Darman maot deui wae kulantaran terserang penyakit aids. Tinggal saurang, si Jeri, wah ieu mah jagjag keneh. Datang weh ka tempat jin eta.
Bang Jin : Weeeeees jagjag keneh ieu mah, buru geura gosok botol ieu tunduh keneh ah!
Si Jeri datang bari ambek-ambekan tuluy nyabok Bang Jin eta. Nyabokna teh tarrrrriiiiiiik teh pisan bakating ku ambek.
Bang Jin : Ari maneh kunaon Jeri datang-datang ambek-ambekan jeung nyabok, meni nyeri! Kehed teh, hayang di kepret ala gunung bakekok ku urang bel! Kehed teh! Pan maneh teh geus di bere kanikmatan ngaroko salila 20 taun, ieu ucapan nuhun ti maneh teh?
Jeri : Maneh Bang Jin salila 20 taun ka urang mere roko teu mere korek!!!
Salila 20 taun geuning masih ngabugbrug keneh rokona mah!!!!

BOLAKU BERTAMBAH

Di hiji kampung, aya dua bersaudara, nya pokona mah kembar weh, nepi ka panyakitna oge kembar, Gondongeun. Lanceukna ngaranna Ata, adina ngaranna Ato. Maranehannana geus berobat ka mana-mana, ti dokter nepi ka dukun teu bisa nyageurkeun panyakit gondongeun eta “Ieu mah panyakit ngajodo, jadi teu bisa dicageurkeun” ceunah majarkeun teh ceuk si Dukun, da pedah gondongeun anu si Ata di kenca, anu si Ato katuhu.
Duaan eta stress berat weh lah pokona mah. Hiji waktu si Ata rek menenangkan diri “Ta, aing rek nguseup heula di lebak, maneh tungguan imah”. Si Ata indit jam 4 sore. Si Ata nguseup weh. Teu kungsi lila si Ata tunduh, sare weh. Lila kalilaan aya anak jin, teu katingalieun ku si Ata na mah. “Bapa, Acong hoyong maen bola” ceuk si Acong (anak jin) ka bapana. “Mana bolana Acong atuh ari maneh macem-macem wae!” tembal bapana. “Tuh!” ceuk si Acong bari nuduhkeun ka gondongeunana si Ata. Di cokot weh gondongeun si Ata ku anak jin eta. Pas si Ata hudang, terus balik, pas diimahna ditanya ku adina “Maneh geus berobat timana? Geuning gondongeunana leungit (bari heran)”. “Wah gondongeun urang leungit! (bari reuwas jeung atoh)” ceuk si Ata. “Wah ieu mah pedah nguseup di dinya geura ieu mah nya kang!” ceuk si Ato. “Meureun” ceuk si Ata bari kalem.
Pas isukanana si Ato nurutan si Ata, jam 4 sore nguseupna di tempat biasa. Sarua deuih pas nguseup teh lila kalilaan tunduh, tuluy sare, tuluy datang anak jin. “Bapa bosen ah maen bola wae mah ah, Acong mah hoyong maen kaleci”. “Teundeun deui atuh di tempatna deui bari cokot kalecina” ceuk bapana. Gendongeun anu si Ato nambahan, siki manukna euweuh duanana di cokot ku si Acong. Pas hudang, balik weh. Pas datang ka imah si Ato langsung ka WC da teu kuat hayang ngompol, manehannana nyadar siki manukna euweuh duanana, si Ato kaluar ti WC tibuburanjat reuwas, tuluy si Ato jojorowokan “ siki manuk urang leungit!” datang si Ata “Ato, kunaon ari maneh asa gendut kieu maneh teh” ceuk si Ata. “Aing rugi pisan poe ieu gondongeun si akang pindah ka urang, siki manuk weh leungit duanana.

Mata Monyet

Hiji waktu aya budak nu ngaranna Udin hobi pisan maen langlayangan. Manehannana ngaraja dina maen langlayangan, mun aya nu ngajak ngadu, langsung weh ngadu manehannana, tapi sok meunang wae si Udin teh.
Aya hiji jalma anu ngewaeun ka si Udin pedah si Udin balaga alias sombong. Di tantang si Udin ku si Ase “Din tong balaga siah maneh hayu urang ngadu langlayangan jeung urang!” ceuk si Ase bari tipoporongos. “Hayu lah pira oge maneh samenit ge anggeus ngelehkeun maneh mah” tembal si Udin.
Budak anu duaan eta silih apungkeun langlayangan. Sanggeus jauh langlayanganana ngararapung langsung weh maranehannana rariweuh pada hayang meunans silih pulut, nepi ka kenur maranehannana karusut jeung leungeunna oge milu kusut bakating ku hayang meunang.
Akhirna si Udin anu eleh. “waduh aing eleh ku si ontohod euy! Gelo teh!!!” ceuk si Udin bari ararambek. “Puas siah maneh medok ku aing! Rasakeun siah!” tembal si Ase ka si Udin. Tuluy si Udin ngudag langlayangan manehanana anu elehna teu jauh ti tempat manehannana maen langlayangan, nyaeta di kebon bapana anu di kebonnana teh melak aya tangkal jagong anu geus dipanen jeung geus ditaluaran. Si Udin lulumpatan tibuburanjat nepi ka “lost control” sukuna tikudawet kanu kenur, tuluy labuh, langlayanganana beunang ku batur, ditambah matana anu bolotot kanu tunggul jagong nepi ka mata anu kencana bocos.
Indung bapana langsung melarikan Udin ke rumah sakit Cibakekok. Tah didinya si Udin dirawat. Si Udin embung lolong najan anu lolongna anu kenca wungkul. “Pak Dokter tolong sembuhkan anak aing, pokona mah anak aing kudu bisa neuleu deui!” ceuk bapana bari tipoporongos. “Waduh pak, kebetulan stock mata yang ada di Rumah Sakit Cibakekok ini habis, tapi masih ada satu mata lagi yang nganggur, tapi ini adalah mata monyet pak, gimana!” cenah ceuk dokter. “Bae weh lah sok pakekeun weh ka anak aing asal anak aing bisa neuleu deui, buru!” tembal bapana. “Baiklah pak, silahkan anda tunggu di ruang tunggu” ceuk dokter.
Sanggeus rengsena eta operasi anu dilaksanakeun ku dokter ternyata berhasil cenah ceuk dokterna. Si Udin hayang ngetes mata monyetna. Tuluy indit ka luar. Pas di luar “Waduh hade kieu mata monyet teh, teu jauh beda jeung mata anu saencanna!” ceuk si Udin bari bungah.
Di hiji tempat, manehannana ninggali suatu benda anu warnana koneng, bentuk lonjong rada melengkung, ukuran ± 30 cm. Mata kenca : Weeees itu aya cau, dahareun euy, cokot ah!!!. Mata katuhu : Eiiiiit keheula ari maneh Kenca anu kitu disebut cau, belegug siah, anu kitu teh tai kehed!. Mata kenca : Urang ningali cau geus mangtaun-taun, moal salah eta mah cau, sok buru geura dahar Udin!. Matana anu kenca jeung anu katuhu pasea. Tungtungna mah di dahar benda eta teh nepi ka beak da si Udin lapar. “NYA CEUK AING TAI, TAI!” ceuk mata anu katuhu.

Bapak Khotib

Di suatu perkampungan ada seseorang yang bernama Bapak Burhan. Beliau adalah salah satu murid Pak Kyai yang kebetulan DKM di masjid tersebut.
Pak Kyai : Pak Burhan, saya harap anda untuk menjadi Khotib Jum’at depan ya!
Pak Burhan : OK Pak Kyai, saya akan berusaha sekuat tenaga!!!
Pak Burhan menjawabnya dengan tegas, padahal dia baru pertama kali menjadi Ki Khotib! Maka dari itu Pak Burhan berusaha untuk mencari materi sebagai bahan khutbah.
Selesailah Pak Burhan membuat bahan khutbah, maka tibalah hari Jum’at yang telah menjadi hari pertama bagi Pak Burhan untuk menjadi Khotib. Khutbahnya sangat lancar sekali untuk khutbah pertama sehingga Pak Kyai pun angkat jempol untuk Pak Burhan. Selesailah khutbah pertama “Barokallohuli wa lakum...” ucap Pak Burhan tanda khutbah pertama berakhir.
Pas khutbah kedua, Pak Burhan pengen banget kentut sampai ia berkeringat menahan kentutnya. Semakin dia berbicara banyak, semakin kuat udara kentut di pantatnya ingin keluar. Untungnya Pak Burhan punya cara, yaitu ia memukul Mimbar dengan buku yang dibawanya, berbarengan dengan kentutnya. Bunyinya!!! “Dug Pret”