Powered By Blogger

Selasa, 05 Januari 2010

3 PETUALANG

Aya 3 jalma anu nalangsa hese hirup lantaran ekonomi. Ngaranna Joni, Darman, jeung Jeri. Maranehanana jadi nalangsa kulantaran maranehanana tukang mabok, maen awewe, jeung tukang ngaroko. Kulantaran bareak duitna, maranehanana geus niat ngajauhan pangabeukina eta. Kukituna maranehannana ngarasa jenuh, tuluy ngarencanakeun rek Hiking (naek gunung). Maranehannana indit ka gunung Bakekok anu teu jauh ti pangcicingan maranehanana. Maranehannana indit ti imahna jam 7 isuk-isuk.
Teu poho maranehannana mawa bekel keur di tengah jalan, keur botram cenah. Maranehanana geus nepi di tengah jalan, tuluy maranehannana murak bekel maranehanana anu dibawa ti imah.
Beak weh caritana mah bekel maranehanana, nepi ka botol cai jeung alasna oge bareak didalaharan ku maranehanana. Pas lila kalilaan, meureun panon poe asa deukeut, pokona mah asa tutung kulit maranehanana teh. Maranehanana hauuuuus pisan. Si Joni manggih botol cai, kacida barungahna maranhanana teh, meni asa di tonjok congcot. Pas dibuka!!! Kaluar Jin tina botol eta, maranehanana rareuwas pisan ku kaluarna si Jin eta.
Bang Jin : Aing Bang Jin tunduh keneh, gosok eta botol, urang hayang asup deui pokona mah, maraneh geus ngahudangkeun urang bel!
Joni : Sok lah ku urang digosok eta botol, tapi aya saratna!
Bang Jin : Naon saratna?
Joni : Bang Jin kudu nyumponan 3 pamenta ti kami!
Bang Jin : Sok lah hiji ewang mentana, sebutkeun!
Joni : Urang mah hayang minuman keras, hayang abok deui lah, geus kangen euy, geus lila teu abok!
Darman : Pan maneh teh geus tobat bebel, naha erek dei sia teh! Tapi ketang urang hayang awewe cing loba Bang Jin ah, geus lila euy teu panggih jeung awewe!
Jeri : Maneh mah Darman ka batur weh geus tobat-geus tobat, ari manehannana maksiat. Ah urang mah Bang Jin embung maksiat asal aya roko weh cing loba di gudang urang.
Bang Jin : Heug jang ku urang dicumponan pamenta maraneh, tapi ngan saukur 20 taun heuh! Sanggeus 20 taun maraneh kudu kadarieu, kudu ngagosok botol ieu deui OK urang tunduh keneh.
Kusabab pamenta maranehannana heus dicumponan, maranehannana tuluy balik ka imahna masing-masing, tapi maranehannana ayeuna mah gararesit. Ari indit 3 Jam, pas balik 1 jam oge hanteu! Da gugulitikan ti gunung nepi ka sawah!
20 taun geus di jalanan ku maranehannana. Kondisi Si Joni eta mah Over Dosis, maot weh. Tinggal 2-an, nyaeta Si Darman jeung si Jeri. Kondisi si Darman maot deui wae kulantaran terserang penyakit aids. Tinggal saurang, si Jeri, wah ieu mah jagjag keneh. Datang weh ka tempat jin eta.
Bang Jin : Weeeeees jagjag keneh ieu mah, buru geura gosok botol ieu tunduh keneh ah!
Si Jeri datang bari ambek-ambekan tuluy nyabok Bang Jin eta. Nyabokna teh tarrrrriiiiiiik teh pisan bakating ku ambek.
Bang Jin : Ari maneh kunaon Jeri datang-datang ambek-ambekan jeung nyabok, meni nyeri! Kehed teh, hayang di kepret ala gunung bakekok ku urang bel! Kehed teh! Pan maneh teh geus di bere kanikmatan ngaroko salila 20 taun, ieu ucapan nuhun ti maneh teh?
Jeri : Maneh Bang Jin salila 20 taun ka urang mere roko teu mere korek!!!
Salila 20 taun geuning masih ngabugbrug keneh rokona mah!!!!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar